( Ku Rai Muhamad )
Ajang Paku Bumi Open ieu mangrupakeun salah sahiji kajuaraan pencak silat anu diayakeun di kota Bangun.
Kajuaraan ieu dingawitanana ti tanggal 1-3 Februari 2019 anu tempatna di gor Pajajaran, acara ieu dihadiran oge ku nagara batur nyaeta Australia. Anu mana kajuaraan ieu disebut sa tingkat Asia-Eropa, peserta dina acara ieu teh jumlahna kirang langkung 3000 jalmi ti 350 kontingen asal daerahna masing-masing.
Anu dimana kajuaran dimimitian ti tingkat SD nepi ka tingkat kuliahan, aya sababaraha paguruan anu ngiluan kana kajuaraan ieu contona paguruan Perisai Diri nu asal na ti contingen MAN 2 Tasikmalaya.
Parwakilan ti MAN 2 Tasikmalaya teh ngabuahkeun hasil anu lumayan sae nyaeta bisa nyabet 2 mendali emas, 4 mendali perak, jeung 2 mendali parunggu. Tujuan diayakeun ajang ieu ge jang nguatkeun tali silaturahmi antara paguruan jeung ngembangkeun kabudayaan asli urang Indonesia.